Ngamumule Budaya Sunda

Kumpulan Ucapan Selamat Lebaran Bahasa Sunda 2019

Kata Kata Selamat Idul Fitri 1440 H Bahasa Sunda

Setelah menjalani ibadah puasa di bulan Ramadhan, tiba saatnya hari kemenangan yang ditunggu-tunggu umat muslim yaitu Hari Raya Idul Fitri. Setiap Hari Lebaran setelah melaksanakan Shalat Idul Fitri (Salat Idsalah satu hal yang biasa dilakukan yaitu saling mengucapkan permintaan maaf kepada sanak sodara. Di Indonesia sering mengucapkan doa Minal 'Aidin wal Faizin yang awal mulanya berasal dari seorang penyair pada masa Al-Andalus, yang bernama Shafiyuddin Al-Huli, ketika dia membawakan syair yang konteksnya mengisahkan dendang wanita pada hari raya.

Adapun ucapan yang disunnahkan olehnya adalah Taqabbalallahu minna wa minkum (Semoga Allah menerima amal kami dan kalian) atau Taqabbalallahu minna waminkum wa ahalahullahu ‘alaik (Semoga Allah menerima amalan dari kami dan darimu sekalian dan semoga Allah menyempurnakannya atasmu) dan lainnya.

Sebagai masyarakat Jawa Barat yang mayoritas menggunakan bahasa Sunda, kebanyakan menggunakan kalimat "Wilujeng Boboran Shiam". Berikut ini adalah Kumpulan Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 1440 H dalam Bahasa Sunda yang bisa diucapkan langsung ataupun melalui media sosial seperti status facebook, whatsapp keluarga, caption Instagram dan lainnya.


Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1440 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.

Bilih aya langkung saur bahe carek, kaciwit kulit kabawa daging, tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura , Wilujeung boboran shiam 1440 H

Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah , Wilujeng boboran shiam 1440H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan

Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan, ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMS-an Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan Wilujeng Boboran Syiam 1440H

Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Neda dihapunten kana samudaya kalepatan, bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1440 H

Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya. Wilujeng boboran shiam 1440 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng boboran shiam bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun

Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam 1440 H

Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1440 H

Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Shiam 1440 H.

Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan.wilujeng boboran Demikian ucapan lebaran idul fitri bahasa sunda yang dapat kami berikan untuk anda semua, semoga bermanfaat dan juga bisa dijadikan media untuk saling maaf memaaafkan dihari yang fitri ini.

Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin.

Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nusampurna, dina Idul Fitri anu ieu hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati tina khilaf sinareng dosa Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri. mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri wilujeng boboran shiam 1440 H. Hapunten samudaya kalepatan.

Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1440 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Wilujeng boboran shiam 1440 H. Hapunten samudaya kalepatan.
Silakan Share ke media sosial :
 
-->