Ngamumule Budaya Sunda

Dongeng Sunda - Kuya Ngagandong Imahna

Dongeng ini menceritakan tentang sakadang kuya (seekor kura - kura) dan sakadang monyet (seekor monyet). Watak sakadang kuya adalah rajin bekerja, namun dia sangat mudah berputus asa dan mudah mengeluh saat mengalami musibah, sedangkan sakadang monyet suka membantu dan memberi saran kepada sakadang kuya supaya tidak mudah putus asa dan mengeluh. Berikut adalah dongeng tentang kedua tokoh tersebut yang ditulis dalam bahasa sunda :

dongeng sakadang kuya jeung monyet
Dongeng Sunda

Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
Bahasana : Kasar
Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
Watek palakuna :
Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran
Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan

Jaman baheula aya Kuya imahna di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geude bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna nyieun deui anu leuwih keker supaya te kabawa angin.

Hiji poe manehna balik ti huma, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.

Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceurik sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angin. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.

Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.

Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.
Silakan Share ke media sosial :
 
-->