![]() |
Pupuh Sunda |
Wirangrong mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
Conto tembang
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga diriksa
Pupuh Ladrang
Ladrang mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
Conto tembang
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana