Ngamumule Budaya Sunda

Dongeg Sunda - Sasakala Talaga Warna


Dongeng Sunda Sasakala Talaga Warna
Jaman baheula aya hiji raja nu kacida beungharna,tapi hanjakal anjeunna teu gaduh putra. Raja geus kaditu-kadieu tatamba sangkan prameswari tiasa ngagaduhan putra.

Dikersakeun ku anu kawasa nya prameswari teh ngandung. Kanjeng Raja kacida bingahna ningal prameswari ngandung teh. Nya dina waktosna lahir hiji putri nu kacida geulisna.Ku nyaah-nyaahna sagala pamenta putri teh taya nu dipungpang. Estu dihayukeun pisan.

Ngan hanjakal pisan saparantos rumaja putri adat tabeatna awon pisan kanu janten sepuhna ngalawan, sakitu sagala kahoyongna tara aya anu dipungpang teh. Raja sareng prameswari sering nangis upami emut kana talajak nu janten putrana teh.

Dina hiji dinten putri aya pamundut,tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh gantawang wae nyeuseulan seseepan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-awur payuneun ramana, sirikna henteu kana pameunteu raja sareng prameswari ngawurkeunana teh. Kitu kersana nu Maha Kawasa, na atuh ari burial teh cai tina taneuh, beuki lila beuki ngagedean, nu ahirna karaton kakeueum. Leungit karaton timbul talaga.

Nu kawenehan dina talaga teh sok katingal sarupaning warna-warni matak endah katingalna. Cenah eta teh Inten permata anu diawurkeun ku putri tea.
Baca Selanjutnya>>
Silakan Share ke media sosial :
 
-->